Tampilkan postingan dengan label Fanny Sabila. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Fanny Sabila. Tampilkan semua postingan

Rabu, 29 Januari 2025

Lirik Lagu Karang Hawu - Fanny Sabila feat Maliq Ibrahim

Lirik Lagu Karang Hawu - Fanny Sabila feat Maliq Ibrahim


Di basisir laut Palabuan Ratu
Di palebah batu ngampar Karang Hawu
Bari nyawang ka tengah lautan
Haté pinuh pangharepan

Disarengan ku bébéndé di gigireun
Réma panangan silih cepeng, silih ranggeum
Hiliwir angin dalingding katresna
Mapaésan cinta urang

Patutur-tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana Karang Hawu
Kadedeuh, kanyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di Karang Hawu

Tempat wisata Palabuan Ratu
Ceuk dongeng, ceunah ceuk béja
Kantos sumping Ibu Ratu
Di Karang Hawu, tempat anu éndah
Nya di dinya pisan
Maheutkeun jangji pasini

Di Karang Hawu, Palabuan Ratu
Aya carita urang duaan
Tepikeuneun ka turunan

Disarengan ku bébéndé di gigireun
Réma panangan silih cepeng, silih ranggeum
Hiliwir angin dalingding katresna
Mapaésan cinta urang

Patutur-tutur ombak nu silih surungkeun
Ting jelegur nembrak kana Karang Hawu
Kadedeuh, kanyaah cinta nu urang
Kukuh pengkuh di Karang Hawu

Tempat wisata Palabuan Ratu
Ceuk dongeng, ceunah ceuk béja
Kantos sumping Ibu Ratu
Di Karang Hawu, tempat anu éndah
Nya di dinya pisan
Maheutkeun jangji pasini

Di Karang Hawu, Palabuan Ratu
Aya carita urang duaan
Tepikeuneun ka turunan
===================================

Lirik Lagu Rayungan - Fanny Sabila

Lirik Lagu Rayungan - Fanny Sabila


Mana… nu kudu dipilih
Nu itu nyaah nu ieu deudeh
Nu itu lungguh nu ieu lincah
Bingung pipikiran

Mana… nu kudu dipilih
Nu itu manis nu ieu luwes
Nu itu cinta nu ieu manja
Milih anu mana

Duh aduh aduh aduh… bingung
Satadina anu hiji keur cadangan
Lamun putus ka manehna
Nu anyar jadi gantina

Duh aduh aduh aduh… bingung
Duanana pada bela pada cinta
Milih hiji kumaha itu
Jadi kuring nu rayungan

Mana… nu kudu ditampa
Nu itu ngancam menta putusan
Nu ieu ngajak gancang jadikeun
Ah…. milih anu mana

Mana… nu kudu dipiliiuh
Nu itu manis nu ieu luwes
Nu itu cinta nu ieu manja
Milih anu mana

Duh aduh aduh aduh… bingung
Satadina anu hiji keur cadangan
Lamun putus ka manehna
Nu anyar jadi gantina

Duh aduh aduh aduh… bingung
Duanana pada bela pada cinta
Milih hiji kumaha itu
Jadi kuring nu rayungan

Mana… nu kudu ditampa
Nu itu ngancam menta putusan
Nu ieu ngajak gancang jadikeun
Lah…. milih anu mana
================================

Lirik Lagu Baluweng - Fanny Sabila

Lirik Lagu Baluweng - Fanny Sabila


Duh … peurih rasana
bebereh mungkas deudeuhna
Naha naon kasalahan diri
Anjeun kacida ku luas
geuning kasih dipungkas
asa.. tungkeb bumi alam

Duh … raheut gudawang
asa diteungteuinganan
anjeun sakiceup mere hareupan
nu puguh mah ngageuringan
geuring hate papanjangan
naon … piubareunana

Reff:
Ret ka langit
bentang ngadadak ngaleungit
komo bulan taya enggon nembongan
taya pikeun piubareun
ubar hate nu baluweng
Duh … hate baluweng
================================